Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Surat An-Nazi'at Arab Latin Terjemah Bahasa Sunda

Al Qur'an arab latin
سْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Bismillahirrahmaanirrahiim
Hartina: Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.
 
وَالنّٰزِعٰتِ غَرْقًاۙ - ١
Wannazi 'ati garqa
Hartina: Perhatikeun (béntang-béntang) nu garancang pindahna.
 
 وَّالنّٰشِطٰتِ نَشْطًاۙ - ٢ 
Wannasyitati nasta
Hartina: Jeung perhatikeun (béntang-béntang) nu salawasna pipindahan.
 
 وَّالسّٰبِحٰتِ سَبْحًاۙ - ٣ 
Wassabihati sabha
Hartina: Jeung perhatikeun (béntang-béntang) nu maluter gancang pisan.
 
 فَالسّٰبِقٰتِ سَبْقًاۙ - ٤ 
Fassabiqati sabqa
Hartina: Tuluy (béntang-béntang) nu maluter paheula-heula.
 
 فَالْمُدَبِّرٰتِ اَمْرًاۘ - ٥ 
Fal mudabbirati amra
Hartina: Jeung (béntang-béntang) nu dipaké urusan.
 
 يَوْمَ تَرْجُفُ الرَّاجِفَةُۙ - ٦ 
Yauma tarjufurrafijah
Hartina: (Sing inget) poéan génjlongna bumi anu kacida tarikna
 
 تَتْبَعُهَا الرَّادِفَةُ ۗ - ٧ 
Tatba'uharradifah
Hartina: Ditéma ku nu nuturkeunana. 
 
 قُلُوْبٌ يَّوْمَىِٕذٍ وَّاجِفَةٌۙ - ٨ 
Qulubuy yauma'iziwwajifah
Hartina:  Haté (jelema-jelema) poé éta kacida geumpeurna.
 
 اَبْصَارُهَا خَاشِعَةٌ ۘ - ٩ 
Absaruha khasyi'ah
Hartina: Panénjona tarungkul alum.
 
 يَقُوْلُوْنَ ءَاِنَّا لَمَرْدُوْدُوْنَ فِى الْحَافِرَةِۗ - ١٠ 
Yaquluna a inna lamarduduna fil hafirah
Hartina: Maranehna nyarita : "Naha urang rék dibalikeun deui  kana kaayaan saasal;
 
 ءَاِذَا كُنَّا عِظَامًا نَّخِرَةً ۗ - ١١ 
A iza kunna 'izaman nakhirah
Hartina: Nalika urang geus jadi tulang-taléng nu raremek?"
 
 قَالُوْا تِلْكَ اِذًا كَرَّةٌ خَاسِرَةٌ ۘ - ١٢ 
Qalu tilka izang karratun khasirah
Hartina: Maranehna nyarita deui : "Ana kitu mah,pangbalikan nu matak rugi."
 
 فَاِنَّمَا هِيَ زَجْرَةٌ وَّاحِدَةٌۙ - ١٣ 
Fa innama hiya zajratuw wahidah
Hartina: Tapi saéstuna éta mah jeritan anu ngan sakocéak.
 
 فَاِذَا هُمْ بِالسَّاهِرَةِۗ - ١٤ 
Fa iza hum bissahirah
Hartina: Dadak sakala maranéhna aya deui di luhur bumi.
 
 هَلْ اَتٰىكَ حَدِيْثُ مُوْسٰىۘ - ١٥ 
Hal ataka hadisu musa
Hartina: Naha ka manéh geus kawartikeun lalakon Musa ? 
 
 اِذْ نَادٰىهُ رَبُّهٗ بِالْوَادِ الْمُقَدَّسِ طُوًىۚ - ١٦ 
Iz nadahu rabbuhu bil wadil muqaddasi tuwa
Hartina: Nalika Pangéranna cumeluk ka manéhna di léngkob suci (nu katelah) Thuwa.
 
 اِذْهَبْ اِلٰى فِرْعَوْنَ اِنَّهٗ طَغٰىۖ - ١٧ 
Izhab ila fir'auna innahu taga 
Hartina: Jung geura indit manéh ka Fir'aun, lantaran manéhna geus murba wisésa.
 
 فَقُلْ هَلْ لَّكَ اِلٰٓى اَنْ تَزَكّٰىۙ - ١٨ 
Fa qul hallaka ila an tazakka
Hartina: Pok caritakeun ka manéhna : "Naha andika hayang jadi suci?
 
 وَاَهْدِيَكَ اِلٰى رَبِّكَ فَتَخْشٰىۚ - ١٩ 
Wa ahdiyaka ila rabbika fa takhsya
Hartina: Jeung naha andika daék dituduhkeun ka Pangéran andika sangkan andika aya kasieun ?"
 
 فَاَرٰىهُ الْاٰيَةَ الْكُبْرٰىۖ - ٢٠ 
Fa arahul ayatal kubra 
Hartina: Tuluy Musa mintonkeun ayat (mujijat) nu gedé ka manéhna.
 
 فَكَذَّبَ وَعَصٰىۖ - ٢١ 
Fa kazzaba wa'asa
Hartina: Tapi (Fir'aun) ngabohongkeun jeung baula.
 
 ثُمَّ اَدْبَرَ يَسْعٰىۖ - ٢٢ 
Summa adbara yas'a
Hartina: Tuluy manéhna nukangan, gejlog indit.
 
 فَحَشَرَ فَنَادٰىۖ - ٢٣ 
Fa hasyara fa nada
Hartina: Ngumpulkeun (rahayatna) sarta susumbar.
 
 فَقَالَ اَنَا۠ رَبُّكُمُ الْاَعْلٰىۖ - ٢٤ 
Fa qala ana rabbukumul a'la
Hartina: Pokna: "Nya kami pangéran maranéh anu linuhung!"
 
 فَاَخَذَهُ اللّٰهُ نَكَالَ الْاٰخِرَةِ وَالْاُوْلٰىۗ - ٢٥ 
Fa akhazahullahu nakalal akhirati wal ula
Hartina: Ku kituna Allah nyiksa manéhna ku siksaan ahérat jeung dunya.
 
 اِنَّ فِيْ ذٰلِكَ لَعِبْرَةً لِّمَنْ يَّخْشٰى ۗ ࣖ - ٢٦ 
Inna fi zalika la'ibratal limayyakhsya
Hartina: Saéstuna dina perkara éta téh jadi pangajaran keur sing saha anu wedi (ku Allah).
 
 ءَاَنْتُمْ اَشَدُّ خَلْقًا اَمِ السَّمَاۤءُ ۚ بَنٰىهَاۗ - ٢٧ 
A antum asaddu khalqan amissama , banaha
Hartina: Naha maranéh mahluk anu leuwih hésé diyugakeunana batan langit, padahal Anjeuna geus ngadegkeunana?
 
 رَفَعَ سَمْكَهَا فَسَوّٰىهَاۙ - ٢٨ 
Rafa'a samkaha fa sawwaha
Hartina: Anjeuna geus nanjeurkeun adeganana tuluy nyampurnakeunana.
 
 وَاَغْطَشَ لَيْلَهَا وَاَخْرَجَ ضُحٰىهَاۖ - ٢٩ 
Wa agtasya lailaha wa akhraja duhaha
Hartina: Jeung Anjeuna ngajadikeun poékna peuting jeung caang-ngemprayna beurang.
 
 وَالْاَرْضَ بَعْدَ ذٰلِكَ دَحٰىهَاۗ - ٣٠ 
Wal ardha ba'da zalika dahaha
Hartina: Jeung sanggeus kitu, Anjeuna ngamparkeun bumi.
 
 اَخْرَجَ مِنْهَا مَاۤءَهَا وَمَرْعٰىهَاۖ - ٣١ 
Akhraja minha ma aha wamar'aha
Hartina: Jeung ti dinya dikaluarkeun caina jeung jujukutanana.
 
 وَالْجِبَالَ اَرْسٰىهَاۙ - ٣٢ 
Wal jibala arsaha 
Hartina: Jeung dijungkiringkeun gunung-gunungna.
 
مَتَاعًا لَّكُمْ وَلِاَنْعَامِكُمْۗ - ٣٣ 
Mata'al lakum wa li'an'amikum
Hartina: Keur bekel maranéh katut ingon-ingon maranéh.
 
 فَاِذَا جَاۤءَتِ الطَّاۤمَّةُ الْكُبْرٰىۖ - ٣٤ 
Fa iza ja'atittammtul kubra
Hartina: Nya upama tumiba kaributan nu rongkah.
 
 يَوْمَ يَتَذَكَّرُ الْاِنْسَانُ مَا سَعٰىۙ - ٣٥ 
Yauma yatazakkarul insanu masa'a
Hartina: Dina poéan manusa aringeteun kana sagala anu geus dilampahkeunana.
 
 وَبُرِّزَتِ الْجَحِيْمُ لِمَنْ يَّرٰى - ٣٦ 
Wa burrizatil jahimu limayyara
Hartina: Sarta geus ditémbongkeun naraka pikeun jelema nu hayang nénjo.
 
 فَاَمَّا مَنْ طَغٰىۖ - ٣٧ 
Fa amma man taga
Hartina: Sing saha nu doraka ngaliwatan wates wangen.
 
 وَاٰثَرَ الْحَيٰوةَ الدُّنْيَاۙ - ٣٨ 
Wa asaral hayataddun-ya
Hartina: Turta ngutamakeun kahirupan dunya.
 
 فَاِنَّ الْجَحِيْمَ هِيَ الْمَأْوٰىۗ - ٣٩ 
Fa innal jahima hiyal ma'wa 
Hartina: Saéstuna nya Jahanam geusan pangbalikanana.

 وَاَمَّا مَنْ خَافَ مَقَامَ رَبِّهٖ وَنَهَى النَّفْسَ عَنِ الْهَوٰىۙ - ٤٠ 
Wa amma man khafa maqama rabbihi wa nahannafsa 'anilhawa
Hartina: Jeung sing saha anu wedi ku kalungguhan Pangerana, sarta ngaraksa dirina tina hawa napsu.
 
 فَاِنَّ الْجَنَّةَ هِيَ الْمَأْوٰىۗ - ٤١ 
Fa innal jannata hiyalma'wa
Hartina: Saéstuna, nya sawarga geusan pangbalikanana.
 
 يَسْـَٔلُوْنَكَ عَنِ السَّاعَةِ اَيَّانَ مُرْسٰىهَاۗ - ٤٢ 
Yas alunaka 'anissa'ati ayyana mursaha
Hartina: Maranéhna baris nanyakeun ka manéh (Muhammad) iraha bakal kajadiana kiamat.
 
 فِيْمَ اَنْتَ مِنْ ذِكْرٰىهَاۗ - ٤٣ 
Fima anta min zikhra
Hartina: Kumaha bisana manéh nerangkeuna.
 
 اِلٰى رَبِّكَ مُنْتَهٰىهَاۗ - ٤٤ 
Ila rabbika muntahaha
Hartina: Ngan Pangéran manéh, nu uninga pamustunganana.
 
 اِنَّمَآ اَنْتَ مُنْذِرُ مَنْ يَّخْشٰىهَاۗ - ٤٥ 
Innama anta munziru mayyakhsyaha
Hartina: Manéh mah ngan tukang ngawawadian jalma-jalma nu sarieuneun (ku kiamat).
 
 كَاَنَّهُمْ يَوْمَ يَرَوْنَهَا لَمْ يَلْبَثُوْٓا اِلَّا عَشِيَّةً اَوْ ضُحٰىهَا ࣖ - ٤٦ 
Ka annnahum yauma yaraunaha lam yalbasu illa 'asyiyyatan auduhaha
Hartina: Dina mangsa maranéhna nénjo kiamat téa, pangrasa teu kungsi hirup di dunya, anging sapeuting atawa sapoé baé
 
Sumber Al-Qur'an: Kemenag Republik Indonesia
Sumber terjemah Sunda: Al Qur'an Tarjamah Sunda Al- Amin 2017
Yasana: KH. Qomaruddin Shaleh-H. A.A. Dahlan-Yus Rusamsi .