Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Surat An-Naba' Arab Latin Terjemah Bahasa Sunda

An-Naba'

SURAT AN-NABA' - BÉJA

ِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Bismillahirrahmaanirrahii   
Hartina: “ Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.”
 
عَمَّ يَتَسَاۤءَلُوْنَۚ - ١
'Amma yatasa'alun
Hartina: “Tina perkara naon maranéhna silih Tanya?.”

عَنِ النَّبَاِ الْعَظِيْمِۙ - ٢
'Anin naba'l azim
Hartina: “Tina perkara béja anu gédé.”

الَّذِيْ هُمْ فِيْهِ مُخْتَلِفُوْنَۗ - ٣
Alla zi hum fihi mukhtalifun
Hartina: “Béja anu ku maranéhna disawalakeun.”

كَلَّا سَيَعْلَمُوْنَۙ - ٤
Kalla saya'lamun
Hartina: “Ulah kitu ! engké ogé maranehna nyarahoeun.”

ثُمَّ كَلَّا سَيَعْلَمُوْنَ - ٥
Summa kalla saya'lamun
Hartina: “Tuluy, ulah kitu ! engké ogé maranéhna bakal nyarahoeun.”

اَلَمْ نَجْعَلِ الْاَرْضَ مِهٰدًاۙ - ٦
Alam naj'alil arda mihada
Hartina: “Naha lain kami geus ngajadikeun ieu bumi lir amparan anu lega?.”

وَّالْجِبَالَ اَوْتَادًاۖ - ٧
Wal jibala autada
Hartina: “Jeung gunung-gunung minangka paseukna?.”

وَّخَلَقْنٰكُمْ اَزْوَاجًاۙ - ٨
Wa khalaqnakum azwaja
Hartina: “Jeung kami ngayugakeun maranéh sajodo-sajodo.”

وَّجَعَلْنَا نَوْمَكُمْ سُبَاتًاۙ - ٩
Wa ja'alna naumakum subata
Hartina: “Jeung kami ngajadikeun saré maranéh pikeun ngareureuhkeun kacapé.”

وَّجَعَلْنَا الَّيْلَ لِبَاسًاۙ - ١٠
Wa ja'alnal laila libata
Hartina: “Jeung kami ngajadikeun peuting minangka pakéan.”

وَّجَعَلْنَا النَّهَارَ مَعَاشًاۚ - ١١
Wa ja'alnan nahara ma'asya
Hartina: “Jeung kami ngajadikeun beurang pikeun nyiar pangupa jiwa.”

وَبَنَيْنَا فَوْقَكُمْ سَبْعًا شِدَادًاۙ - ١٢
Wa bainaina fauqakum sab'an syidada
Hartina: “Jeung kami geus ngajadikeun luhureun maranéh pirang-pirang planit nu rohaka.”

وَّجَعَلْنَا سِرَاجًا وَّهَّاجًاۖ - ١٣
Wa ja'alna sirajaw wahhaja
Hartina: “Jeung kami geus ngajadikeun lampu anu kacida caangna (Srangéngé).”

وَّاَنْزَلْنَا مِنَ الْمُعْصِرٰتِ مَاۤءً ثَجَّاجًاۙ - ١٤
Wa anzalna minal mu'sirati ma'an sajjaja
Hartina: “Jeung kami geus ngucurkeun hujan tina méga nu ngandung cai.”

لِّنُخْرِجَ بِهٖ حَبًّا وَّنَبَاتًاۙ - ١٥
Linukhrija bihi habbaw wa nabata
Hartina: “Pikeun kami nuwuhkeun sisikian jeung tutuwuhan ku éta cai.”

وَّجَنّٰتٍ اَلْفَافًاۗ - ١٦
Wa jannatin alfafa
Hartina: “Jeung kebon-kebon anu salubur.”

اِنَّ يَوْمَ الْفَصْلِ كَانَ مِيْقَاتًاۙ - ١٧
Inna yaumal fasli kana miqata
Hartina: “Saéstuna poé papastén téh hiji mangsa anu ditangtukeun.”

يَّوْمَ يُنْفَخُ فِى الصُّوْرِ فَتَأْتُوْنَ اَفْوَاجًاۙ - ١٨
Yauma yunfakhu fissuri fa ta'tuna afwaja
Hartina: “Dina poéan ditiupna sasangkala, maranéh baris daratang ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut.”

وَّفُتِحَتِ السَّمَاۤءُ فَكَانَتْ اَبْوَابًاۙ - ١٩
Wa futihatis  sama'u fa kanat abwaba
Hartina: “Jeung langit bakal dibuka jadi sababarah lawang.”

وَّسُيِّرَتِ الْجِبَالُ فَكَانَتْ سَرَابًاۗ - ٢٠
Wa suyyiratil jibalu fa kanat saraba
Hartina: “Jeung gunung-gunung baris dimusnahkeun nepi ka jadi sarab (Fatamorgana).”

اِنَّ جَهَنَّمَ كَانَتْ مِرْصَادًاۙ - ٢١
Inna jahannama kanat mirsada
Hartina: “Saestuna naraka jahanam téh disadiakeun.”

لِّلطّٰغِيْنَ مَاٰبًاۙ - ٢٢
Littagina ma'aba
Hartina: “Pikeun mulangna jalma-jalma anu bahula.”

لّٰبِثِيْنَ فِيْهَآ اَحْقَابًاۚ - ٢٣
Labisina fiha ahqaba
Hartina: “Anu baris tetep-tumetep di dinya sababaraha huqub (Saendeng-endeng).”

لَا يَذُوْقُوْنَ فِيْهَا بَرْدًا وَّلَا شَرَابًاۙ - ٢٤
La yazuquna fiha bardaw wala syaraba
Hartina: “Di didinyana moal ngarasa tiis jeung taya inumeun.”

اِلَّا حَمِيْمًا وَّغَسَّاقًاۙ - ٢٥
Illa hamimaw wagassaqa
Hartina: “Salian ti cai nu panas ngagolak jeung getih katut nanah.”

جَزَاۤءً وِّفَاقًاۗ - ٢٦
Jaza 'aw wifaqa
Hartina: “Minagka wawales anu sabobot.”

اِنَّهُمْ كَانُوْا لَا يَرْجُوْنَ حِسَابًاۙ - ٢٧
Innahum kanu layarjuna hisaba
Hartina: “Saéstuna maranéhna teu miharep kana hisab (balitungan amal).”

وَّكَذَّبُوْا بِاٰيٰتِنَا كِذَّابًاۗ - ٢٨
Wa kazzabu bi'ayatina kizzaba
Hartina: “Jeung maranéhna ngabohongkeun ayat-ayat Kami enya-enya.”

وَكُلَّ شَيْءٍ اَحْصَيْنٰهُ كِتٰبًاۙ - ٢٩
Wa kulla syai'in ahsainahu kitaba
Hartina: “Padahal saban perkara (‘amal) ku Kami geus dikumpulkeun dina kitab.”

فَذُوْقُوْا فَلَنْ نَّزِيْدَكُمْ اِلَّا عَذَابًا ࣖ - ٣٠
Fazuqu falan nazidakum illa azaba
Hartina: “Ku kituna pék geura rasakeun; jeung kami moal nambahan naon-naon salian ti siksaan ka maranéh.”

اِنَّ لِلْمُتَّقِيْنَ مَفَازًاۙ - ٣١
Inna lilmuttaqina mafaza
Hartina: “Saéstuna pikeun jalma-jalma nu takwa téh kauntungan.”

حَدَاۤىِٕقَ وَاَعْنَابًاۙ - ٣٢
Hada 'iqa wa a'naba
Hartina: “Kebon-kebon katut anggur.”

وَّكَوَاعِبَ اَتْرَابًاۙ - ٣٣
Wa kawa 'iba atraba
Hartina: “Jeung mojang-mojang ngora nu sapantar.”

وَّكَأْسًا دِهَاقًاۗ - ٣٤
Wa ka'san dihaqa
Hartina: “Jeung lumur-lumur nu parinuh ku inuman.”

لَا يَسْمَعُوْنَ فِيْهَا لَغْوًا وَّلَا كِذَّابًا - ٣٥
La yasma'una fiha lagwaw wala kizzaba
Hartina: “Di dinya maranéhna moal ngadéngé omong kosong jeung bohong.”

جَزَاۤءً مِّنْ رَّبِّكَ عَطَاۤءً حِسَابًاۙ - ٣٦
Jaza'am mirrabika 'ata'an hisaba 
Hartina: “Minangka pamulang ti Pangéran manéh, sih pangasih sacukupna.” 

رَّبِّ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِ وَمَا بَيْنَهُمَا الرَّحْمٰنِ لَا يَمْلِكُوْنَ مِنْهُ خِطَابًاۚ - ٣٧
Rabbissamawati wal ardi wama bainahumarrahmani layamlikuna minhu khitaba 
Hartina: “Pangéran anu murbeng langit jeung bumi katut saniskara nu aya di antarana, Nu Maha Murah, taya nu wasa unjukan ka Anjeuna.” 

يَوْمَ يَقُوْمُ الرُّوْحُ وَالْمَلٰۤىِٕكَةُ صَفًّاۙ لَّا يَتَكَلَّمُوْنَ اِلَّا مَنْ اَذِنَ لَهُ الرَّحْمٰنُ وَقَالَ صَوَابًا - ٣٨
Yauma yaqumurruhu wal mala'ikatu saffalla yatakallamuna illa man azina lahurrahmanu waqala sawaba 
Hartina: “Dina poéan roh (Jibril) jeung malaikat ngadeg ngabaris, taya nu wasa unjukan salian ti anu dipaparin widi ku Pangéran Nu Maha Murah, jeung anu ngomongna bener.” 

ذٰلِكَ الْيَوْمُ الْحَقُّۚ فَمَنْ شَاۤءَ اتَّخَذَ اِلٰى رَبِّهٖ مَاٰبًا - ٣٩
Zalikal yaumul haqq, faman sya'attakhaza ila rabbihi ma'aba 
 Hartina: “Éta téh poé anu haq (bener), sing saha anu miharep prak geura milih tempat mulang ka Pangérana.” 

اِنَّآ اَنْذَرْنٰكُمْ عَذَابًا قَرِيْبًا ەۙ يَّوْمَ يَنْظُرُ الْمَرْءُ مَا قَدَّمَتْ يَدَاهُ وَيَقُوْلُ الْكٰفِرُ يٰلَيْتَنِيْ كُنْتُ تُرَابًا ࣖ - ٤٠
Inna anzanakum 'azabang qaribayyauma yanzurul mar'u maqaddat yadahu wayaqulul kafiru yalaitani kuntu turaba 
Hartina: “Saéstuna Kami ngawawadian maranéh ku siksaan anu deukeut, dina poéan manusa nénjo saniskara nu geus dipigawé ku dua leungeuna ; jeung jelema kafir baris lumengis: "Hayang teuing kaula jadi taneuh.”

Sumber Al-Qur'an: Kemenag Republik Indonesia
Sumber terjemah Sunda: Al Qur'an Al- Amin Tarjamah Sunda 2017
Yasana: KH. Qomaruddin Shaleh-H. A.A. Dahlan-Yus Rusamsi