Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Rumah mewah murah

Surat 'Abasa Arab Latin Terjemah Bahasa Sunda

Surat 'Abasa Arab Latin
بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ
Bismillahirrahmaanirrahiim
Hartina: Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.

عَبَسَ وَتَوَلّٰىٓۙ - ١ 
'Abasa wa tawalla
Hartina: "Manéhna baeud sarta ngabalieur."
 
اَنْ جَاۤءَهُ الْاَعْمٰىۗ - ٢
An ja'ahul a'ma
Hartina: "Pédah ka manéhna datang hiji jalma lolong."
 
وَمَا يُدْرِيْكَ لَعَلَّهٗ يَزَّكّٰىٓۙ - ٣ 
Wama yudrika la'allahu yazzaka
 Hartina: "Jeung nyaho ti mana manéh, boa-boa maranéhna téh baris nyucikeun diri."

 اَوْ يَذَّكَّرُ فَتَنْفَعَهُ الذِّكْرٰىۗ - ٤ 
Auyazzakaru fa tabfa 'ahuzzikra
Hartina: "Atawa manéhna baris daék éling, sarta panggeuingna baris jadi mangpaat keur manéhna?"
 
 اَمَّا مَنِ اسْتَغْنٰىۙ - ٥ 
Amma manistagna
Hartina: "Ari ka jelema anu teu butuheun;"
 
 فَاَنْتَ لَهٗ تَصَدّٰىۗ - ٦ 
Fa anta lahu tasadda
Hartina: "Geuning manéh malah nyanghareupan."
 
 وَمَا عَلَيْكَ اَلَّا يَزَّكّٰىۗ - ٧ 
Wa ma 'alaika alla yazzaka
Hartina: "Padahal naon rugina pikeun manéh lamun seug manéhna teu nyucikeun diri?"
 
 وَاَمَّا مَنْ جَاۤءَكَ يَسْعٰىۙ - ٨ 
Wa amma man ja'aka yas'a
Hartina: Jeung jelema anu datang ngajugjug ka manéh."
 
 وَهُوَ يَخْشٰىۙ - ٩ 
Wa huwa yakhsya
Hartina: "Sarta manéhna wedi (ku Allah)
 
 فَاَنْتَ عَنْهُ تَلَهّٰىۚ - ١٠ 
Fa anta'anhu talaha
Hartina: "Ku manéh henteu dipiroséa?"
 
 كَلَّآ اِنَّهَا تَذْكِرَةٌ ۚ - ١١ 
Kalla innaha tazkirah
Hartina: "Ulah kitu, lantaran saéstuna éta téh (ayat-ayat) panggeuing.
 
 فَمَنْ شَاۤءَ ذَكَرَهٗ ۘ - ١٢ 
Faman sya'a zakarah
Hartina: "Ku kituna sing saha nu miharep, keun sina éling kana éta ayat-ayat."
 
 فِيْ صُحُفٍ مُّكَرَّمَةٍۙ - ١٣ 
Fi suhufim mukarramah
Hartina: "Dina kitab-kitab nu dimulyakeun."
 
 مَّرْفُوْعَةٍ مُّطَهَّرَةٍ ۢ ۙ - ١٤ 
Marfu'atim mutahharah
Hartina: "Nu diluhungkeun tur disucikeun,"
 
 بِاَيْدِيْ سَفَرَةٍۙ - ١٥ 
Bi'aidi safarah
Hartina: "Dina leungeun para utusan."
 
 كِرَامٍۢ بَرَرَةٍۗ - ١٦ 
Kiramim bararah
Hartina: Nu marulya, nu balageur."
 
 قُتِلَ الْاِنْسَانُ مَآ اَكْفَرَهٗۗ - ١٧ 
Qutilal insanu ma akfarah
Hartina: "Cilaka manusa! Na aya kupur-kupur teuing."
 
 مِنْ اَيِّ شَيْءٍ خَلَقَهٗۗ - ١٨ 
Min ayyi sya'in khalqah
Hartina: "Tina naon manéhna diyugakeun?"
 
 مِنْ نُّطْفَةٍۗ خَلَقَهٗ فَقَدَّرَهٗۗ - ١٩ 
Min nutfah, khalqahu fa qaddarah
Hartina: "Tina nutfah, Anjeuna ngayugakeun maranéhna, terus disampurnakeun dedeg-pangadegna."
 
 ثُمَّ السَّبِيْلَ يَسَّرَهٗۙ - ٢٠ 
Summassabila yassarah
Hartina: "Tuluy Anjeuna ngajadadikeun jalan nu gampang pikeun manéhna."
 
 ثُمَّ اَمَاتَهٗ فَاَقْبَرَهٗۙ - ٢١ 
Summa amatahu fa aqbarah
Hartina: "Tuluy ku Anjeuna manéhna dipaténi, sarta diperenahkeun di jero kubur."
 
 ثُمَّ اِذَا شَاۤءَ اَنْشَرَهٗۗ - ٢٢ 
Summa iza sya'a ansyarah
Hartina: "Tuluy upama Anjeuna ngersakeun, Anjeuna baris ngahudangkeun deui manéhna."
 
 كَلَّا لَمَّا يَقْضِ مَآ اَمَرَهٗۗ - ٢٣ 
Kalla lamma yaqdi ma amarah
Hartina: " Tapi tacan pisan manéhna nyumponan saniskara nu diparéntahkeun ku Anjeuna ka manéhna."
 
 فَلْيَنْظُرِ الْاِنْسَانُ اِلٰى طَعَامِهٖٓ ۙ - ٢٤ 
Falyanzuril insanu ila ta'amih
Hartina: "Prak manusa geura niténan kana dahareunana."
 
 اَنَّا صَبَبْنَا الْمَاۤءَ صَبًّاۙ - ٢٥ 
Anna sababnal ma'a sabba
Hartina: " Kami geus ngucurkeun cai, kalawan walatra."
 
 ثُمَّ شَقَقْنَا الْاَرْضَ شَقًّاۙ - ٢٦ 
Summa syaqaqnal arda syaqqa
Hartina: "Tuluy kami ngariduhkeun tanahna sariduh-riduhna."
 
 فَاَنْۢبَتْنَا فِيْهَا حَبًّاۙ - ٢٧ 
Fa ambatna fiha habba
Hartina: "Tuluy di dinya ku Kami dituwuhkeun sisikian."
 
 وَّعِنَبًا وَّقَضْبًاۙ - ٢٨ 
Wa 'inabaw wa qadba
Hartina: "Jeung anggur katut sayur-sayuran."
 
 وَّزَيْتُوْنًا وَّنَخْلًاۙ - ٢٩ 
Wa zaitunaw wa nakhila
Hartina: "Jeung jaitun katut korma. "
 
 وَّحَدَاۤئِقَ غُلْبًا - ٣٠ 
Wa hada iqa gulba
Hartina: "Jeung kebon-kebon nu ngagareba."
 
 وَفَاكِهَةً وَّاَبًّا - ٣١ 
Wa fakihataw wa abba
 Hartina: "Jeung bubuahan katut jujukutan."
 
 مَتَاعًا لَّكُمْ وَلِاَنْعَامِكُمْۗ - ٣٢ 
Mata'al lakum wa li'an'amikum
Hartina: "Pibekeleun maranéh katut ingon-ingon maranéh" 
 
 فَاِذَا جَاۤءَتِ الصَّاۤخَّةُ ۖ - ٣٣ 
Fa iza ja'atissakhkhah
Hartina: "Tapi upama kadéngé sora nu tarik pisan turta matak katorékan"
 
 يَوْمَ يَفِرُّ الْمَرْءُ مِنْ اَخِيْهِۙ - ٣٤ 
Yauma yafirrul mar'u min akhih
Hartina: " Dina poéan saban jelema nyungkah ti dulurna,"
 
 وَاُمِّهٖ وَاَبِيْهِۙ - ٣٥ 
Wa umihi wa abih
Hartina: "Jeung ti indung-bapana,"
 
 وَصَاحِبَتِهٖ وَبَنِيْهِۗ - ٣٦ 
Wa sahibatihi wa banih
Hartina: "Jeung ti anak-pamajikanana,"
 
 لِكُلِّ امْرِئٍ مِّنْهُمْ يَوْمَىِٕذٍ شَأْنٌ يُّغْنِيْهِۗ - ٣٧ 
Likullimri imminhum yauma'izin syanuyyugnih
Hartina: "Dina poé éta pikeun saban jelema aya urusan nu matak tambélar ka nu liana."
 
 وُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ مُّسْفِرَةٌۙ - ٣٨ 
Wujuhuy yauma izimmusfirah
Hartina: "Dina poé éta pasemon-pasemon marahmay."
 
 ضَاحِكَةٌ مُّسْتَبْشِرَةٌ ۚ - ٣٩ 
Dahikatum mustabsyirah
Hartina: "Sareuri, saruka bungah."
 
 وَوُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ عَلَيْهَا غَبَرَةٌۙ - ٤٠ 
Wa wujuhuy yauma izin alaiha gabarah
Hartina: "Jeung dina poé éta pasemon-pasemon gareuneuk-maleukmeuk."
 
 تَرْهَقُهَا قَتَرَةٌ ۗ - ٤١ 
Tarhaquha qatarah
Hartina: "Kasilep ku kasusah."
 
 اُولٰۤىِٕكَ هُمُ الْكَفَرَةُ الْفَجَرَةُ ࣖ - ٤٢ 
Ulaika humul kafaratul fajarah 
Hartina: "Maranéhna téh jelema-jelema kupur nu jarahat."

Sumber Al-Qur'an: Kemenag Republik Indonesia
Sumber terjemah Sunda: Al Qur'an Tarjamah Sunda Al- Amin 2017
Yasana: KH. Qomaruddin Shaleh-H. A.A. Dahlan-Yus Rusamsi .